Gupay Kamelang Pileuleuyan

U. Supriatna (Budayawan)

Oleh : U. Supriatna

ASA beuki harengheng. Kasedih teu daek teu euh euih, Terus-terusan sobat, babaturan saprofesi singlaleos arangkat ninggalkeun urang.

Mun seug ditengetan, hirup teh lir ibarat balebat datang ngan sakolebat. Ka uger ku poe. Urang hirup di dunya ngan tilu poe. Poe kamari, poe ayeuna jeung poe isukan.

POE Kamari, nu geus kaliwat pamohalan bisa amprok deui. Ngan natrat ngalangkang lampah nu geus disorang pikeun nuyun lakuning hirup poe ayeuna jeung poe isukan, sangkan teu sasar nya lampah.

POE Ayeuna, nu keur dirandapan, dilakonan ku urang. Kahirupan poe ayeuna kudu leuwih hade ti poe kamari, bekeleun mulang ka lemah cai nu sajati nuturkeun babaturan urang nu geus indit ti heula.

POE Isukan, nu bakal kasorang. Teu apal naon nu bakal kasorang poe isukan. Biheung nepi biheung moal urang ka poe isukan.

Urang kudu rancinges ngamangpaatkeun waktu jeung mensyukuri nikmat nu dipaparin ti Alloh SWT. Di antarana, masih keneh kumpul ngariung jeung kulawarga.

Mun seug budak rewel, bedegong, minculak, urang contoan  kulampah urang nu  hade urang didik, atik kurasa kaasih, jeung agama nu hade. Papagahan ku rasa kanyaah, olo ku rasa pangogo.

Bersyukur masih keneh bisa babarengan, maranehna masih bisa ngeusian hate urang. Boa isuk atawa pageto maranehna “ninggalkeun urang”. Atawa urang “nu ninggalkeun maranehna”.

Sarewel-rewelna salaki atawa pamajikan, kudu disyukuri sabab masih keneh bisa hirup babarengan. Mangpaatkeun ieu waktu pikeun silih simbeuh ku kadeudeuh, silih cebor ku kasono, silih siram ku kanyaah ku sacara agama numutkeun jungjunan urang Rosululloh SAW, Sabab teu apal, boa isuk atawa pageto “pasangan hirup ningalkeun urang”, atawa “urang nu ningalkeun manehna”.

Sagoreng-gorengna babaturan/sobat, pasti maranehna pernah nyieun kahadean ka urang. Inget terus kahadean maranehna.

Urang teu bisa ngitung waktu, nepi ka iraha bisa babarengan? Bisa wae ngadadak, urang kaleungitan sobat, babaturan, baraya. Padahal cikeneh atawa kamari urang sempal guyon gogonjakan, silih do’akeun jeung maranehna.

Kukituna, sanajan diri patebih, raga paanggang. Teu tiasa paamprok jonghok, patepang raray, patarema panangan, ngalangkungan grup wa ieu, pamugi mimitran ulah rek bengkah.

Urang beungkeut pageuh ku tali kaasih, cangcang ku simpay kamelang. Salam baktos ti pribados, Ecagkeun pagawean anu hese, mangpaatkeun oksigen gratis ti Alloh swt jeung vitamin D ti moncorongna panom poe larapkeun ku syukur anu merenah.

Tulisan ini menggunakan Bahasa Sunda

Penulis: U. Supriatna (Budayawan)Editor: Tulisan ini sepenuhnya menjadi tanggung jawab Penulis